RINGKASAN Cerita Wayang Bahasa Sunda dan Artinya, Carita Singkat Pandawa Lima Bisa Buat Referensi Belajar

- 30 Agustus 2022, 23:35 WIB
RINGKASAN Cerita Wayang Bahasa Sunda dan Artinya, Carita Singkat Pandawa Lima Bisa Buat Referensi Belajar
RINGKASAN Cerita Wayang Bahasa Sunda dan Artinya, Carita Singkat Pandawa Lima Bisa Buat Referensi Belajar /unsplash.com

Pandawa Mangkat~

Yudistira naék gunung Himalaya minangka lalampahan pamungkasna. Sanggeus mangsa wiwitan Kali Yuga sarta maotna Kresna, Yudistira sadulur léngsér nurunkeun tahta karajaan ka hiji-hijina turunan maranéhanana anu salamet dina perang rongkah di Kurusetra, Parikesit, incuna Arjuna.

Kalawan ninggalkeun sagala hal kadunyaan, para Pandawa ngalakonan lalampahan pamungkas maranéhanana ku cara ziarah ka Himalaya.

Waktu naék ka punclut, Drupadi jeung Pandawa sadulur hiji-hiji – pupus, kasered ku kasalahan sarta dosa maranéhanana anu saéstuna.

Baca Juga: SIMAK Pengertian Dongeng dalam Bahasa Sunda Lengkap dengan Jenis-jenis, Struktur dan Unsur unsur Dongeng

Tapi Yudistira sanggup ngahontal punclut gunung, alatan manéhna henteu cacad ku dosa sarta kabohongan.

Watek Yudistira anu saéstuna mecenghul waktu ahir Mahabarata. Di luhur punclut gunung, batara Indra datang pikeun mawa Yudistira ka Sawarga jeung karéta kancananna.

Waktu Yudistira ngaléngkah ngadeukeutan karéta, sang Indra ngajurungna ambéh ninggalkeun anjing anu jadi batur lalampahanana, alatan mahluk nu teu suci henteu meunang asup ka sawarga.

Baca Juga: PIDATO Bahasa Sunda Tentang Akhlak, Teks Ceramah Singkat Tema Akhlak Mulia Buat Referensi

Yudistira mundur ka tukang, nampik pikeun ninggalkeun mahluk anu salila ieu ditangtayunganana.

Halaman:

Editor: Sugiharto


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah