Contoh Teks Percakapan Bahasa Sunda untuk Tugas Sekolah

- 20 Januari 2023, 18:25 WIB
Ilustrasi Contoh Teks Percakapan Bahasa Sunda untuk Tugas Sekolah
Ilustrasi Contoh Teks Percakapan Bahasa Sunda untuk Tugas Sekolah /Freepik/

Aki : “Tah, walungan nu kapeungpeuk ku eusi beuteung Burangrang, sarua jeung nu dibendung ku gunung. Puguh wae caina henteu bisa palid. Citarum the ngaleleb leber ngenca ngatuhu. Nya nepi ka jadi talaga nu kasapukan rapat disaluyuan ku sakabeh nu hadir. Saurang-saurangna ngabogaan tugas sewang-sewangan , anu diwangun ku unggal seksi. Aya anu dibere tugas pikeun nyepeng alat-alat olahragana jeung kasenian, nangtukeun wasitna, nangtukeun aturan pertandinganana, ngangtukeun tempatna, nepi ka nangtukeun waragadna.”

Mirza : “Talaga teh danau tea sanes?”

Aki : “Enya ari dina basa Indonesian amah danau, ngan ieu mah pihartieunana naon?”

Mirza : “Muhun eta… eu… dano atawa situ, nu hartina balong nu lega pisan pokona mah, he.. he..”

Aki : “Bener, pinter geuning incu Aki teh. Tah satuluyna, lawas ti lawas, bisa jadi rebuan taun lilana Walungan Citarum anu ngabendung the bet bisaeun notos bendungan nepi ka bolongna (notos, lain ngabedah). Kawasna lahar nu di bagian luhurna jadi teuas mangrupa taneuh biasa, ari nu di handapna mah merembes.”

Mirza : “Bingung Ki, abdi mah teu tiasa ngabayangkeun, kumaha kaayaanana?”

Aki : “Puguh Aki ge nepi ka ayeuna can nempo kumaha gambaranana, ngan sempet diimpleng we. Da hadena mah aya nu ngagambarkeun kumaha prosesna, pan ayeuna mah geus sarwa canggih lain?”

Mirza : “Panjang geuning Ki, nyukcruk kajantenan Talaga Bandung teh. Tah ayeuna mah nu hoyong terang teh wates-watesn awe abdi mah.”

Aki : “Tangtu Panjang, ngan sanajan dibejerbeaskeun ge can tangtu kaharti sakali, sabab kudu dibarengan ku mediana, kayaning maket, gambar atawa film. Geura tanyakeun atuh ka museum ka dituh, sugan leuwih jelas.”

Mirza : “Ayeuna mah ti Aki we heula, manawi enjing pageto ku abdi sareng rerencangan bade dipaluruh ka museum.”

Halaman:

Editor: Ahmad Khakim


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x