Contoh Teks Percakapan Bahasa Sunda untuk Tugas Sekolah

- 20 Januari 2023, 18:25 WIB
Ilustrasi Contoh Teks Percakapan Bahasa Sunda untuk Tugas Sekolah
Ilustrasi Contoh Teks Percakapan Bahasa Sunda untuk Tugas Sekolah /Freepik/

Mirza : “Ngartos Ki, mung kumaha teraskeun tah Talaga Bandung teh?”

Aki : “Keun dongengna mah ulah dicaritakeun ayeuna, ke wae deui, ngarah teu lieur ka hidepna. Apan hayang nyaho perkara Talaga Bandung tea lain?”

Baca Juga: 20 Soal PAS Bahasa Sunda Kelas 6 Semester 1 dan Kunci Jawaban, Soal PAS Bahasa Sunda Kelas 6 Semester 1 2022

Mirza : “Muhun, leres pisan Ki, nu mawi abdi nu naroskeun ge.”

Aki : “Nurutkeun hasil panalungtikan para sarjana purbakala jeung ahli sajarah mah, ringkesna the kieu. Eh.. ke lanan, menta cai sagelas, asa garing yeuh tikoro Aki teh.”

Mirza : “Mangga Ki, kumaha terasna?”

Aki : “Baheula.. duka sabaraha rebu taun ka tukang.. Gunung Burangrang anu ngajegir kalereun Bandung teh bitu. Bitu anu pohara tea, nepi ka asa rek rug-rug jagat. Lahar Burangrang teh mancawura nepi ka sababaraha juta meter kibik, ngaley palid kabeh kidul jeung kulon. Nya eta lahar teh nepi ka meungpeukan wahangan Citarum, palebah nu kiwari disebut Sanghiang Tikoro tea, pernahna kiduleun Rajamandala.”

Mirza : “Kacipta we tagiwurna jalma mangsa harita. Naha teu kadeteksi kitu Ki?”

Aki : “Duka teuing, da Aki mah teu nyaho kaayaan jaman harita. Jaman prasejara can aya Patugas Pusat Gempa Nasional katut Badan Meteorologi jeung Geofisika sagala, apan jalma jeung wawangunan oge can loba kawas kiwari.”

Mirza : “Muhun nya, ari terasna, kumaha kaayaan wangunan harita Ki?”

Halaman:

Editor: Ahmad Khakim


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x