10.Kalimah di handap ieu anu salah nuliskeun tanda bacana, nyaeta ....
a)Hayu ah urang ucing sumput.
b)Iraha Kang Ajat sumpingna?
c)Barudak kelas VI keur diajar basa Sunda.
d)Doni, pangnyandakkeun buku di perpustakaan!
11.Pangeran nyiptakeun kaayaan nu beda-beda teh sangkan urang ....
a)silih asih
b)silih ajenan
c)silih poyok
d)silih tipu
12.Teu saeutik bangsa deungeun anu ngahaja daratang ka Indonesia pikeun ningali ....
a)kaendahan alam jeung budaya Nusantara
b)warga nagara Indonesia
c)seler bangsa Indonesia
d)jumlah pulo di Indonesia
13.Motto "Bhinneka Tunggal Ika" teh hartina ....
a)Bangsa Indonesia teh boga rupa-rupa seler bangsa
b)Nagara Indonesia boga rebuan pulo
c)Nagara Indonesia sarua jeung Nusantara
d)Najan rineka tur bineka, tapi tetep hiji
14.Di handap ieu kecap-kecap nu ngandung rarangken tukang -ing/-ning, iwal ....
a)mungguhing
b)kersaning
c)ceceting
d)bakating
15.Di handap ieu anu lain kalimah aktif, nyaeta ....
a)Mang Nana keur ngala buah
b)Kang Dudung meuncit hayam
c)Bapa ngala lauk di balong
d)Jang Adang kacugak paku
16.Ieu di handap anu lain kalimah pasif, nyaeta ....
a)Oray diteunggeul ku tangkal sampeu
b)Buah diala ku Mang Nana
c)Barudak keur diajar ngawih
d)Si Dede keur diacukan ku Mamah
17.... ku puyeng, Ma Icih ngagubragKecap anu merenah keur ngeusian titik-titik eta kalimah, nyaeta ....
a)aya
b)bakating
c)lamun
d)najan