Dongeng Situ Bagendit Bahasa Sunda, Naskah Singkat dan Mudah Dipahami Sasakala Situ Bagendit Beserta Amanatnya

- 2 September 2022, 17:23 WIB
Dongeng Situ Bagendit Bahasa Sunda, Naskah Singkat dan Mudah Dipahami Sasakala Situ Bagendit Beserta Amanatnya
Dongeng Situ Bagendit Bahasa Sunda, Naskah Singkat dan Mudah Dipahami Sasakala Situ Bagendit Beserta Amanatnya /Pexels/Kaboompics .com/

Kacaturkeun basa usum panén. Di ditu di dieu ceuyah anu dibaruat.

Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari saréngsé dijieun jeung sanggeus paréna di kaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sedekah ngondang lebé jeung sawatara tatanggana.

Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang, ngariung tumpeng.

Atuh nu ngariung téh nepi ka aya ratusna, tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ngan sakotéap geus bérés bari tingkaretap kénéh.

Baca Juga: DOWNLOAD Soal Olimpiade Matematika SMP 2022, Kumpulan Contoh Soal Buat Latihan Jelang Olimpiade Matematika

Keur meujeuhna balakecrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun.

Ku pribumi teu ditarik teu ditakon, nya pok aki-aki waléh, yén teu kawawa ku lapar, sugan aya sih piwelas.

Ari kitu téh Nyi Endit bet nyarékan, nyeklek-nyeklekkeun, pajarkeun téh tau aya ka éra, teu ngahutang gawé, ménta bagéan.

Tungtungna nepi ka pundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun.

Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan.

Halaman:

Editor: Sugiharto


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah