Dongeng Situ Bagendit Bahasa Sunda, Naskah Singkat dan Mudah Dipahami Sasakala Situ Bagendit Beserta Amanatnya

- 2 September 2022, 17:23 WIB
Dongeng Situ Bagendit Bahasa Sunda, Naskah Singkat dan Mudah Dipahami Sasakala Situ Bagendit Beserta Amanatnya
Dongeng Situ Bagendit Bahasa Sunda, Naskah Singkat dan Mudah Dipahami Sasakala Situ Bagendit Beserta Amanatnya /Pexels/Kaboompics .com/

Baheula geus rébuan taun ka tukang aya hiji randa beunghar nu katelah Nyi Endit.

Ieu téh saenyana mah ngaran nénehna, da ngaranna sajatina mah Nyi Bagendit.

Manéhna téh kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana ka kumedannana.

Salian ti pakacar-pakacarna mah tara aya nu lar sup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh.

Baca Juga: CERITA WAYANG Bahasa Jawa Arjuna, Teks Ringkasan Contoh Cerita Wayang Pendek Bahasa Jawa Singkat

Kajaba ti teu aya anu ngawawuhan, Nyi Endit téh émang jalma nunggul pinang, geus teu kadang warga, hirup téh éstu nunggelis.

Ari beungharna téa mah tétéla. Béh kebonna béh sawahna, imahna gé panggedéna di salembur éta mah.

Turug-turug ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan, nu upluk-aplak.

Maksudna teu aya lain, ku bawaning embung campur jeung babaturan, da sieun kasoro téa. Teu kitu mah atuh moal disebut medit.

Baca Juga: BERITA Bahasa Jawa Singkat 5W 1H Tahun 2022, Contoh Teks Berita Tentang Kecelakaan Bahasa Jawa yang Pendek

Halaman:

Editor: Sugiharto


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah