SIMAK Dongeng Nyi Roro Kidul dalam Bahasa Sunda Singkat dan Mudah Dipahami Cocok Buat Referensi Belajar

- 1 September 2022, 21:56 WIB
SIMAK Dongeng Nyi Roro Kidul dalam Bahasa Sunda Singkat dan Mudah Dipahami Cocok Buat Referensi Belajar
SIMAK Dongeng Nyi Roro Kidul dalam Bahasa Sunda Singkat dan Mudah Dipahami Cocok Buat Referensi Belajar / freepik.com/wirestok

Kacaritakeun prameswari Prabu Munding Wangi ngagaduhan putra istri, anu geulis kawanti-wanti endah kabina-bina, jenegenana Dewi Kadita. Saking ku geulis-geulisna &ta si putri dugi ka padanyebat Dewi Srangenge.

Pangna disebat Dewi Srangenge, margi rarayna cahayaan, kawas panonpog mimiti bijil. Teu kantos lami, Kangjeng Raja kagungan deui putra pameget, namung nu ieu mah ti selir jenenganana Dewi Mutiara.

Teu disebatkeun saha jenengan putra pameget Kangjeng Raja. Ngan bas Dewi Mutiara ngarasa yakin, sanajan anakna lalaki, salila aya k€neh Dewi Srangenge jeung pram€swari, pamohalan anakna bisa jadi raja. Ku kituna euweuh deui jalan, lian ti duaanana kudu disingkirkeun ti karajaan. Ngan kudu kumaha carana?

Baca Juga: PANTUN Bahasa Jawa 2 Baris Tentang Sekolah dan Pendidikan, Contoh Parikan Lucu Bisa Buat Referensi Belajar

Kabeneran aya nu ngabgjaan, di tutugan Gunung Parahu, aya hiji awe-we tukang tenung sakti, ngaranna Nini Jahil. Ngadeng€ eta beja, gancang ku Dewi Mutiara disina datang. Barang tepung pok nyaritakeun niatna, nya &ta hayang nyingkirkeun Dewi Srangenge katut prameswari.

"Kumaha sanggup?" cek Dewi Mutiara. "Tai ceuli atuh nu kitu mah," jawab Nini Jahil. “Tapi entong dipabhan," cenah deui.

"Ulah hariwang," Nini Jahil siga nu yakin. Maksud manhna, anak jeung indungna, rek ditenung supaya beungeutna ruksak. Ingetanana, ari beungeutna ruksak mah, pasti ku Kangjeng Raja diusir, lantaran dianggap wiwirang keur karajaan.

Baca Juga: TEKS Berita Bahasa Jawa: Contoh Naskah Singkat Pawarta Mengandung Unsur 5W 1H Sesuai untuk Tugas Sekolah

Kacaritakeun dina hiji peuting, waktuna pangeusi karaton sarare tibra, Nini Jahil asup ka jero karaton. Dasar tukang tenung sakti, euweuh saurang og6 anu nyahoeun. Paraponggawa nu ngajaraga kabeh sararena kawas bangk€, gara-gara 6Imu sirep Nini Jahil.

Sup manbhna ka pangkuleman pram€swari, sarta terus ngaluarkeun &lmu tenungna. Ku matih-matihna €lmu tenung Nini Jahil, harita k€neh pameunteu pram€swati pinuh ku bisul. Teu kaop katoel saeutik, langsung kaluar getih campur nanah, bauna kaambeu hanyir.

Halaman:

Editor: Sugiharto


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah