Sageus babaraha lilana, ahirna raja menang hiji wangsit, ku ijin ti kawasa sageus babaraha bulan prameswari teh hamil jeung ngalahirkeun putri anu gumelis kacida, nu di bere ngaran nyi ajeng gilang rinukmi atawa sok disebut oge putri ayu kencana ungu.
Ku saking nyaahna ka putrina, sagala kahayang diturutkeun kabeh, da puguh anak hiji-hijina.
Saparantos putrina rumaja, sang raja ngayakeun pesta jeung merekeun hadiah ka mangrupa kalung.
Tapi, nyi ajeng gilang rinukmi kalah embungeun narima hadiah eta, malah dipiceun jeung dialungkeun nepi kalung nu tina inten berlian eta awur-awuran, tutungna indungna ceurik teu eureun-eureun.
Barengan jeung kitu, aya sahiji kajadian dimana aya lini gede ngagoncang jeung kaluar cai tina jero taneuh, nu mikin lila mikin ngagedean, nepi ka ahirna ngalelepkeun karajaan kutatanggeuhan jeung sagala isina.
Di jero dasar talaga sok mancarkeun cahya nu warna-warni, nu ceuk beja mah asalna tina kalung inten berlian kasebat, ku sabab kitu talaga eta dingaranan talaga warna teh.
Demikian informasi terkait contoh cerita Dongeng sasakala atau asal usul telaga warna dalam Bahasa Sunda singkat.***