Jaman baheula, di daerah puncak bogor leuwih tepatna di lamping gunung lemo sakitaran pagunungan mega mendung aya sahiji karajaan nu ngarana kutatanggeuhan.
Ngaran karajaan ieu teh asalna tina kecap “Kuta” nu miboga harti tempat jeung “Tanggeuhan” nu hartina andalan. Karajaan ieu oge sok di sebut karajaan kemuning kemangi.
Karajaan kutatangguhan di pingpin ku saurang raja Prabu Swarnalaya, nu istrina prameswari nu ngarana ratu purbamanah.
Di mangsa kapamingpinnana, kerajaan ieu teh ka koncara damai, subur, makmur, jeng tengtrem, teu aya hiji oge kaluarga anu ka kurangan kadaharan.
Namun sanajan kitu, prabu Swarnalaya jeung prameswari can ngarasa bungah.
Sabab, mang taun-taun lilana kawin maranehana encan di karuniaan pun anak.
Padahal sagala cara geus dilakukeun, saperti nginuman jamu tradisional, nepi ka menta saran ka panasehat karajaan, tapi angger weh teu aya hasilna.
Saterusna sang raja Swarnalaya mutuskeun pikeun tatapa di goa.