Keur nu loba pangabutuh atawa nu kokoro, bakal katara sikep hormatna tur babantuna nu satia kanu beunghar. Keur saurang pedagang bkal leuwih ati-ati dina urusan jual meuli. Moal wani deui ngajual ku timbangan anu hampang, meuli ku timbangan anu beurat.
Cindekna mah buah tina ibadah shaum, ayana parobahan tina nu goreng kanu alus. Nu disebut bener jeung alusna ibadah, lain ukur ditinggali tina cara jeung tempat sarta waktuna wungkul, tapi bener jeung alusna ibadah bisa ditingali buahna dina kahirupan sapopoe.
Dina ieu kasempetan, oge simabdi seja nyuhunkeun sihapunten ka sadaya bapa/ibu guru, kapala sakola siswa-siswi (…nama sekolah) atas nami pribadi, kulawaga oge salaku (…) boh bilih aya kakiranganna oge kaleptan nana.
Wilujeng Boboran Syiam 1 Syawal (19..) H Taqoballaohu minna waminkum syimana wasyiamakum. (neda tawakuf anu saageung-ageungan) .
Panutup ti simabdi mudah-mudahan urang sadaya kaasup golongan jalma anu balik deui kana kasucian, nyaho kana bebeneran tur bisa ngalaksanakeunana, jeung nyaho kana kabatilan sangkan bisa nyinglarkeunana.
Nepika cita-cita urang dina hirup kumbuh ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara pinuh ku karaharjaan, aya dina ridona Alloh SWT. Amin.. Akhiru kalam.Wassalamualaikum wr, wb
Demikian informasi tentang CONTOH Pidato Halal Bihalal Bahasa Sunda Singkat Cocok untuk Sambutan Silaturahmi, MC atau Pembawa Acara.***