CONTOH Sambutan Silaturahmi Bahasa Sunda Simak Pidato Halal Bihalal Bahasa Sunda untuk MC atau Pembawa Acara

- 3 Mei 2022, 07:35 WIB
CONTOH Sambutan Silaturahmi Bahasa Sunda Simak Pidato Halal Bihalal Bahasa Sunda untuk MC atau Pembawa Acara
CONTOH Sambutan Silaturahmi Bahasa Sunda Simak Pidato Halal Bihalal Bahasa Sunda untuk MC atau Pembawa Acara /pexels.com/pixabay.

Surupna panon poe dina wanci magrib kamari, jadi ciciren rengsena ibadah saum urang salila sabulan campleng, kuru cileuh kentel peujit dina waktu sabulan, lantaran ngalaksanakeun saum jeung taraweh sarta ibadah–ibadah Ramadan sigana ku urang sadaya geus dilaksanakeun.

Baca Juga: Profil dan Biodata Pratiwi Sudarmono Lengkap Umur, Tanggal Lahir, Asal, Keluarga, Pendidikan dan Penghargaan

Ayeuna urang sadaya mulang deui kana kaayaan sakumaha biasa deui, sabab poe ieu diharamkeun saum, poe ieu waktuna urang sadaya suka bungah, bungah lain lantaran loba dahareun atawa make pakean sarwa anyar.

Tapi bungah lantaran urang sadaya parantos lulus tina ujian nu cukup beurat, bungah lantaran geus tamat ngalaksanakeun parentah Allah nyaeta ibadah saum dina bulan Ramadan, anu mangrupakeun kawajiban salaku urang umat islam.

Para hadirin, bapa/ibu guru sarta siswa/isiswi (…nama sekolah) Nu kusimabdi dipikadeudeuh. Rengse urang ngalaksanakeun ibadah saum sabulan lilana kalawan pinuh harepan mugia ditampi ku Allah Swt. Sahingga jadi wasilah pikeun ngahontal Ridlo katut magfiroh mantenna. Aamiin.

Sok sanaos shaum dilaksanakeun ku urang ngan sabulan nu lamina 29 atawa 30 poe, tapi buah sareng mangfa’atna mugi bisa karaos ku urang sataun, malah salila urang masih hirup di alam dunya, margi Allah swt, anu ngawajibkeun shaum ka jalma-jalma anu ariman sangkan jadi jalma anu takwa.

Baca Juga: BACAAN Niat Puasa Syawal 2022 bahasa Arab Lengkap dengan Waktu Pelaksanaan dan Keutamaannya

Para hadiri rawuh hadirot rohimakumulloh nyakitu deui, buah tina ibadah shaum lain ukur keur sasoranganeun wungkul, tapi kudu mibanda ajen sosial, nu karasa ni’mat sarta mangfa’atna lain ku urang wungkul tapi oge ku balarea, nu jadi anggota masyarakat.

Mun keur saurang pamingpin, mangfa’at sarta hikmah shaum bisa katinggali sarta karasa ku anak buahna, nu mangrupa jeujeuhan nu mawa kana kasalametan sarta kasejahteraan nu walatra.

Mun keu anak buah, atawa rahayat, kudu katinngali tina kata’atan sarta kapatuhan anu satia kanu jadi pamingpin. Keur nu beunghar nu dititipan harta nu loba bakal katara tur karasa berehannana kanu butuh.

Halaman:

Editor: Azkaa Najmuts Tsaqib


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah