CONTOH Pidato Paturay Tineung ti Murid ka Guru Padat Singkat dan Jelas

6 Maret 2022, 14:35 WIB
Ilustrasi. Kunci Jawaban Kelas 6 SD Tema 7 Subtema 3 Pembelajaran 3 Halaman 122, Nilai Pancasila Pada Teks Pidato /PIXABAY/netmaru

Portal Kudus - Simak CONTOH Pidato Paturay Tineung ti Murid ka Guru Padat Singkat dan Jelas

Hal penting yang perlu diperhatikan dalam pidato perpisahan bahasa Sunda adalah ragam bahasa yang digunakan.

Dalam bahasa Sunda ada dua ragam bahasa yaitu yang disebut ragam basa hormat / lemes (halus) dan ragam basa loma (akrab atau kasar).

Berikut Rangkuman Tim Portal Kudus Contoh Pidato Paturay Tineung ti Murid ka Guru 

Baca Juga: Berikut Doa Naik Kendaraan Darat dan Udara, Arab, Latin, dan Artinya, Mudah Untuk Dihafalkan

Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh..

اَلْحَمْدُ لِلّهِ رَبِّ اْلعَاَلَمِيْنَ . وَبِهِ نَسْتَعِيْنُ عَلَي أُمُوْرِا لدُّ نْيَا وَا لدِّ يْنٍ . وَعَلَيْ آ لِهٍ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ

"ALHAMDU LILLAHI RABBIL'ALAMIN WABIHI NASTA'INU'ALA UMURID DUNYA WADDIN WA'ALA ALIHI WASHAHBIHI AJMA'IN"

Langkung tipayun manjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. kalayan rahmat, hidayah sarta inayahna urang sadaya tiasa pateupung lawung patepang wajah dina acara Paturay Tineung.....

Salajengna shalawat sareng salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya Kanjeng Nabi SAW., ka para kulawargana, para sahabat sadayana tug dugi ka urang sadaya salaku umat anjeunna.

Baca Juga: Tuliskan 10 Contoh Kalimat Perintah Berikut Contoh Kalimat Perintah untuk Anak SD Kelas 1

Dina kasempetan ieu simkuring atas nami rerencangan sakelas ngahaturkeun nuhun ka bapa Kepala Sekolah sarta bapa-ibu sadayana.

Nu mana berkah jasa-jasa sarta pangabdian bapa-bapa sareng ibu-ibu guru dina mendidik, ngabingbing sareng ngajar simkuring kalayan pinuh katekunan, kasabaran, katawakalan, sahingga simkuring sadaya sadaya hasil ngarengseken diajar kalayan sukses sarta nilai nu ngagumbirakeun.

Sajabi ti eta simkuring oge ngaraoskeun ayana kaakraban hubungan antara simkuring sareng bapa-ibu guru sadayana salami simkuring diajar di sakola ieu, sahingga karaosna ku simkuring sapertos dina asuhan nu janten sepuh bae.

Baca Juga: Profil dan Biodata Anya Geraldine, Lengkap dengan Karier dan Akun Instagram

Jalaran hal ieu, simkuring ngaraos abot sarta susah kanggo mopohokeun kenangan jasa-jasa sae bapa-ibu guru sadayana nu parantos nempel dina hate sanubari.

Salajengna dina kasempetan ieu simkuring mung tiasa manjatkeun do'a ka dzat Allah Nu Maha Kawasa, mudah-mudahan bapa-ibu guru sadayana salamina dipaparin kakiatan, kasehatan, kasajahteraan sarta salamina dilindunganNa.

Baca Juga: Jawaban Bahasa Indonesia Kelas 9 Halaman 121 Pembahasan Soal Identifikasi Pokok Tulisan

Margi kajaba mung ku do'a ieu simkuring ngaraos teu mungkin mampuh pikeun ngawales jasa sarta budi bapa-ibu guru anu teu kaetang seuuerna nu parantos dipaparinkeun ka simkuring sadaya.

Mangka dina kasempetan ieu, simkuring teu hilap ngahaturkeun nuhun sarta nyuhunkeun maaf anu saageng-ageungna tina sagala kahilapan boh nu dihaja atawa nu teu dihaja atawa aya prilaku anu teu saluyu sareng kahoyong para bapa-ibu sadaya salami simkuring janten anak didik di sakola ieu.

Baca Juga: Kunci Jawaban Bahasa Indonesia Kelas 9 Halaman 126-127 Kegiatan 4, Teks Daur Ulang untuk Gaya Hidup Hijau

Akhirna, kalawan parasaan abot pikeun ngahaturkeunnana, mudah-mudahan ku bekel nu parantos kapimilik ti bapa-ibu guru simkuring sadaya tiasa ngagunakeun sakumaha mistina pikeun ngudag sarta ngahontal cita-cita simkuring sadaya.

Akhirul Kalam, Wassalamu'alaikum Wr. Wb

Demikian artikel tentang CONTOH Pidato Paturay Tineung ti Murid ka Guru Padat Singkat dan Jelas.***

Editor: Azkaa Najmuts Tsaqib

Tags

Terkini

Terpopuler