Contoh Teks Percakapan Bahasa Sunda untuk Tugas Sekolah

- 20 Januari 2023, 18:25 WIB
Ilustrasi Contoh Teks Percakapan Bahasa Sunda untuk Tugas Sekolah
Ilustrasi Contoh Teks Percakapan Bahasa Sunda untuk Tugas Sekolah /Freepik/

Portal Kudus – Berikut adalah contoh teks percakapan sebagai referensi untuk membantu tugas sekolah. Teks percakapan termasuk dalam kegiatan cerita dua arah (dialog). Orang yang terlibat dalam percakapan bisa lebih dari dua orang.

Artikel ini akan menyajikan contoh teks percakapan atau paguneman Bahasa Sunda antara 2 orang tentang “Telaga Bandung”. Dikutip dari Buku Gentra Basa Sunda kelas XII. Yuk simak sampai selesai.

Mirza : “Ki, abdi teh gaduh tugas ti sakola, manawi uninga perkawis Talaga Bandung?”

Aki : “Cenah, Aki oge… harita jaman prasejarah sakuliah padataran Bandung teh mangrupa talaga nu panjangna ti Rajamandala nepi ka Cicalengka, rubakna kira-kira di Dago ayeuna nepi ka Banajaran.”

Baca Juga: TERBARU! Contoh Carpon Bahasa Sunda Tentang Sakola Pendek dan Singkat Cocok Buat Tugas Sekolah Kalian

Mirza : “Asa nguping dongeng Sangkuriang gening Ki?”

Aki : “Enya, ari carita Sangkuriang mah tetela dongeng, da piraku aya anjing jeung bagong bisa ngomong atawa boga paripolah siga jelema biasa. Jalma anu cageur uteukna sarta waras badanna mah can tangtu bisa narima kitu wae.”

Mirza : “Ki, nu ditaroskeun ku abdi mah sajarahna Talaga Bandung sanes Sangkuriang.”

Aki : “Aeh.. enya, pan tadi hidep nyebut-nyebut Sangkuriang. Tah ku Aki dijelaskeun heula, yen Sangkuriang mah dongeng wungkul, lain sajarah kajadian hiji tempat model Talaga Bandung. Kaharti ku hidep?”

Mirza : “Ngartos Ki, mung kumaha teraskeun tah Talaga Bandung teh?”

Aki : “Keun dongengna mah ulah dicaritakeun ayeuna, ke wae deui, ngarah teu lieur ka hidepna. Apan hayang nyaho perkara Talaga Bandung tea lain?”

Baca Juga: 20 Soal PAS Bahasa Sunda Kelas 6 Semester 1 dan Kunci Jawaban, Soal PAS Bahasa Sunda Kelas 6 Semester 1 2022

Mirza : “Muhun, leres pisan Ki, nu mawi abdi nu naroskeun ge.”

Aki : “Nurutkeun hasil panalungtikan para sarjana purbakala jeung ahli sajarah mah, ringkesna the kieu. Eh.. ke lanan, menta cai sagelas, asa garing yeuh tikoro Aki teh.”

Mirza : “Mangga Ki, kumaha terasna?”

Aki : “Baheula.. duka sabaraha rebu taun ka tukang.. Gunung Burangrang anu ngajegir kalereun Bandung teh bitu. Bitu anu pohara tea, nepi ka asa rek rug-rug jagat. Lahar Burangrang teh mancawura nepi ka sababaraha juta meter kibik, ngaley palid kabeh kidul jeung kulon. Nya eta lahar teh nepi ka meungpeukan wahangan Citarum, palebah nu kiwari disebut Sanghiang Tikoro tea, pernahna kiduleun Rajamandala.”

Mirza : “Kacipta we tagiwurna jalma mangsa harita. Naha teu kadeteksi kitu Ki?”

Aki : “Duka teuing, da Aki mah teu nyaho kaayaan jaman harita. Jaman prasejara can aya Patugas Pusat Gempa Nasional katut Badan Meteorologi jeung Geofisika sagala, apan jalma jeung wawangunan oge can loba kawas kiwari.”

Mirza : “Muhun nya, ari terasna, kumaha kaayaan wangunan harita Ki?”

Aki : “Tah, walungan nu kapeungpeuk ku eusi beuteung Burangrang, sarua jeung nu dibendung ku gunung. Puguh wae caina henteu bisa palid. Citarum the ngaleleb leber ngenca ngatuhu. Nya nepi ka jadi talaga nu kasapukan rapat disaluyuan ku sakabeh nu hadir. Saurang-saurangna ngabogaan tugas sewang-sewangan , anu diwangun ku unggal seksi. Aya anu dibere tugas pikeun nyepeng alat-alat olahragana jeung kasenian, nangtukeun wasitna, nangtukeun aturan pertandinganana, ngangtukeun tempatna, nepi ka nangtukeun waragadna.”

Mirza : “Talaga teh danau tea sanes?”

Aki : “Enya ari dina basa Indonesian amah danau, ngan ieu mah pihartieunana naon?”

Mirza : “Muhun eta… eu… dano atawa situ, nu hartina balong nu lega pisan pokona mah, he.. he..”

Aki : “Bener, pinter geuning incu Aki teh. Tah satuluyna, lawas ti lawas, bisa jadi rebuan taun lilana Walungan Citarum anu ngabendung the bet bisaeun notos bendungan nepi ka bolongna (notos, lain ngabedah). Kawasna lahar nu di bagian luhurna jadi teuas mangrupa taneuh biasa, ari nu di handapna mah merembes.”

Mirza : “Bingung Ki, abdi mah teu tiasa ngabayangkeun, kumaha kaayaanana?”

Aki : “Puguh Aki ge nepi ka ayeuna can nempo kumaha gambaranana, ngan sempet diimpleng we. Da hadena mah aya nu ngagambarkeun kumaha prosesna, pan ayeuna mah geus sarwa canggih lain?”

Mirza : “Panjang geuning Ki, nyukcruk kajantenan Talaga Bandung teh. Tah ayeuna mah nu hoyong terang teh wates-watesn awe abdi mah.”

Aki : “Tangtu Panjang, ngan sanajan dibejerbeaskeun ge can tangtu kaharti sakali, sabab kudu dibarengan ku mediana, kayaning maket, gambar atawa film. Geura tanyakeun atuh ka museum ka dituh, sugan leuwih jelas.”

Mirza : “Ayeuna mah ti Aki we heula, manawi enjing pageto ku abdi sareng rerencangan bade dipaluruh ka museum.”

Aki : “Alus tah, kudu kitu ari hayang maju mah, ulah ngarasa sugema ku beja wungkul, tapi kudu dibuktikeun kalawan ilmiah.”

Baca Juga: 20 Soal UAS Bahasa Sunda Kelas 4 Semester 1 dan Kunci Jawaban, Soal UAS Bahasa Sunda Kelas 4 Semester 1 2022

Mirza : “Ari milari wates atanapi lebah-lebahna Talaga Bandung the kumaha Ki?”

Aki : “Najan bisa jadi henteu meneran cara mapay sisi talaga nu aya keneh caian, tapi para ahli geus barisa netepkeun yen sapanjang sisi talaga teh aya sawatara tempat anu mangrupa ‘tampian’. Ari watesn adi lebah kaler mah (Padalarang, Bandung, jeung Ujungberung), di wetan (Cicalengka), di kidul (Majalengka, Ciparay, Banjaran, Soreang, jeung Cililin), di kulon (Sanghiyang Tikoro, tempat lebah Citarum kabendung), terus kiwarina totos gunung), ayeuna mah geus teu katara da kakeueum ku Cirata.”

Mirza : “Saha nu maluruh wates sapertos kitu the Ki?”

Aki : “Nya para ahli. Dina ngukurna ngagunakeun elmu planimetri anu pohara ambana, Jawatan Tanah Kahutanan, Pamongpraja, Planologi, jeung naon eta deui. Cindekna mah eta pagawean the ceuk basa barudak ayeuna mah dapat dipertanggungjawabkeun.”

Mirza : “Muhun Ki, ku abdi bade dipaluruh ka museum, sugan data-datana langkung lengkep. Ki tos wengi geuning, abdi mah tos tunduh.”

Itulah tadi contoh teks paguneman (percakapan) Bahasa Sunda untuk 2 orang. Kamu bisa menjadikan contoh ini untuk referensi ketika ada tugas sekolah mengenai teks paguneman (percakapan). Semoga bermanfaat.***

Editor: Ahmad Khakim


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x