9.Rini masih kelas 4 SD, boga lanceuk hiji, umurna saluhureun opat taun, wastana Téh Irma Miyanti. Téh Irma sakolana kelas 2 SMP. Téh Irma di sakolana pintér, loba babaturan nu raresepeun
Kumaha ari watek Téh Irma téh?
a. Galak
b. Rajin
c. Isinan
d. Kedul
10.Sono ka nu Jadi Lanceuk Rini masih kelas 4 SD, boga lanceuk hiji, umurna saluhureun opat taun, wastana Téh Irma Miyanti. Téh Irma sakolana kelas 2 SMP. Téh Irma di sakolana pintér, loba babaturan nu raresepeun. Di bumi ogé Téh Irma mah rajin, boh bébérés, boh mantuan masak ibu. Ibadahna ogé getol. Rini sareng Téh Irma bobona sakamar, nyimpen bukuna ogé saerak duaan. Pami aya PR nu rada sesah Rini sok naroskeun ka Téh Irma.
Dina carita di luhur, palakuna nyaéta. . . .
a. Téh Irma
b. Rini
c. Ujang
d. Rini jeung Téh Irma
11. Pami aya PR nu rada sesah Rini sok naroskeun ka Téh Irma.
Kecap sesah sarua hartina jeung kecap ….
a. Gampil
b. Bagja
c. Babari
d. Hésé
12. Keanu dianteurkeun balik ku Dzikry. Kecap dianteurkeun dina kalimah di luhur, ngagunakeun rarangkén ….
a. di-
b. di-eun
c. di-keun
d. –keun
13. Selma diajak ulin ku bibina ka Bandung. Kecap diajak dina kalimah di luhur, ngagunakeun rarangkén ….
a. di-eun
b. di-
c. di- keun
d. -keun
14. Kecap anu dilarapkeun keur sorangan jeung kecap dahar nyaéta….
a. Neda
b. Tuang
c. Makan
d. Emam
15. Bapa. . . motor anyar
a. Meuli
b. Meser
c. Ngagaleuh
d. Ngabantun