B6res prameswari, giliran Dewi Srangenge. Ieu og€ sami sakedet netra pisan, pameunteu anu sakitu geulisna, robah jadi gor€ng patut. Pinuh ku kor€ng, borok, jeung bisul laleutik. Sarua deuih teu kaop katoel meueusan, barijil nanah campur getih, bauna semu hangru.
Sanggeus narima buruhan, Nini Jahil buru-buru balik. Teu kungsi lila Dewi Srang€nge gugah, margi ngambeu babauan, sarta ahirna uninga, asalna tina pameunteu anjeunna.
Bakating ku reuwas, Dewi Srangengg ampir-ampiran ngajerit. Ras 6mut ka ibuna, buru-buru digugahkeun. Naha atuh ari breh teh, geuning sanasib jeung anjeunna. Pameunteuna sami ruksak, sarta ngaluarkeun babauan teu pararuguh.
Indung jeung anak antukna paungku-ungku, sam€meh sasarengan angkat ngantunkeun karaton.
Pangemut nu duaan, jang nanahaon aya di karaton, lantaran boga beungeut beda jeung batur. Tibatan diusir ku Kangjeng Raja, mending miheulaan kabur ti nagara.
Duaan apruk-aprukan henteu puguh nu dituju. Sakali mangsa jog ka hiji patapan. Bubuhan pandita sakti, pribumi langsung uninga, saha awewe nu sarumping teh.
Atuh teras ku anjeunna diangken, malah dianggap putra jeung putu. Mung hanjakal Ki Pandita henteu tiasa ngalandongan panya-watna. Eta rupina pangna pram€swari brek teu damang wales, tug dugi ka pupusna.