DONGENG SANGKURIANG Bahasa Sunda Singkat, Naskah Contoh Teks Ringkasan Dongeng Sangkuriang untuk Tugas Sekolah

- 23 Agustus 2022, 12:30 WIB
DONGENG SANGKURIANG Bahasa Sunda Singkat, Naskah Contoh Teks Ringkasan Dongeng Sangkuriang untuk Tugas Sekolah
DONGENG SANGKURIANG Bahasa Sunda Singkat, Naskah Contoh Teks Ringkasan Dongeng Sangkuriang untuk Tugas Sekolah /Instagram.com/@antv_official

Sangkuriang nyanggupan, kalayan gancang guragiru ngumpulkeun madia baladna bangsa lelembut nu katelah Guriang Tujuh, nya prak migawe naon nu dipikahayang Dayang Sumbi.

Teu kungsi sapeuting eta pagaweaan ampir anggeus, atuh nempo kaayaan kitu Dayang Sumbi kacida reuwasna, sabab sieun ku dosa. Dayang Sumbi terus sidakep situhu tunggal mujasmedi, jumerit menta pituduh Nu Kawasa sangkan Sangkuriang teu bias nganggeuskeun pagaweanana.

Sangeus nampa pituduh, gura-giru Dayang Sumbi ngerahkeun masyarakat di wewengkon eta sangkan ngebeberkeun jeung ngelebetkeun boeh rarang nu didamaran ku obor nu nimbulkeun pantulan cahaya katingalina mangrupa balebat tanda peuting rek ganti beurang, kitu oge ibu-ibu jeung para wanoja dikeprik dimana-mana sangkan gancang babarengan narutu lisung tutunggulan.

Ku ayana cahaya jeung lisung tutunggulan, hayam jago jadi reang pating kongkorongok.

Mireungeuh kajadian kitu, Guriang Tujuh nu keur ngangsitkeun pagawean kacida reuwaseun, atuh gancang kalabur ngalaleungit deui teu sanggup neruskeun sabab sieun kabeurangan, nu balukarna naon nu jadi sarat ti Dayang Sumbi teu bias direngsekeun ku Sangkuriang.

Ngarasa ditipu Sangkuriang kacida ambekna, parahu nu can rengse terus ditalapung nya ragrag jadi Gunung Tangkuban parahu, tunggul - tunggul sesa nuar kai pikeun nyieun parahu robah ngajadi Gunung Bukittunggul, sedengkeun tumpukan dahan, pangpang, rerenteng jeung daun kai ngajadi Gunung Burangrang.

Sangkuriang teu puas, anu saterusna ngudag-ngudag Dayang Sumbi, ceuk sakaol sapanjang jaman tepi ka wanci ayeuna Sangkuriang masih terus ngudag-ngudak Dayang Sumbi.

Terjemahan Bahasa Indonesia: Sangkuriang

Ada seorang putri raja di tatar sunda yang cantik jelita bernama Dayang Sumbi, namun sayangnya dia diasingkan ke hutan karena penyakit yang tidak dapat disembuhkan, yang dianggap sebagai penyebab hilangnya wibawa dan kekuasaan Raja.

Selama pengasingan, untuk menghilangkan kepenatan, dia biasa menenun di tempat penampungan setiap hari.

Halaman:

Editor: Sugiharto


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah