CONTOH Biantara Pidato Bahasa Sunda Tentang Kemerdekaan Republik Indonesia Peringatan Tanggal 17 Agustus 2022

- 9 Agustus 2022, 14:36 WIB
Ilustrasi CONTOH Biantara Pidato Bahasa Sunda Tentang Kemerdekaan Republik Indonesia Peringatan Tanggal 17 Agustus 2022
Ilustrasi CONTOH Biantara Pidato Bahasa Sunda Tentang Kemerdekaan Republik Indonesia Peringatan Tanggal 17 Agustus 2022 /Pixabay/Mohammed_hassan /

Wassalamualaikum Wr. Wb..

Biantara Bahasa Sunda 2

Ngarayakeun 17 Agustus Kamerdekaan Indonesia

Assalamualaikum. Wr. Wb..

Bapak kapala sakola anu ku simkuring dipikahormat, bapak/ibu guru anu dipikahormat sareng hadirin tamu uleman nu ku simkuring dipikahormat saderek sadaya adi-adi kelas sarwng raka-raka kelas nu ku simkuring dipikacinta.

Puji syukur hayu urang sanggakeun ka allah nu maha ESA anu parantos ngalimpahkeun sadaya rahmatna ka urang sadaya dugi ka urang tiasa kumpul ditempat ieu dina kaayaan sehat walafiat. Amin

Hadirin anu salinggih..
Pikeun nyambut dinten kemerdekaan indonesia anu ka-77. Pendidikan anu tos aya salama ieu, hayu urang langkung tingkatkeun deui pelajaran anu leuwih bermutu sarta pangarahan nu parantos dipasihan ku guru anu propesional, sarta perhatian ti orang tua.

Hadirin anu salinggih..
Salain ti eta, urang sadaya kudu inget ka para pajuang atawa pahlawan anu parantos mempertaruhkeun jiwa ragana kanggo negara urang nya éta indonesia, sareng jasa-jasa guru anu geus ngabimbing urang sadaya ngajarkeun élmu supaya urang tiasa jadi penerus bangsa anu langkung saé jeung berguna pikeun bangsa nagara.

Baca Juga: 40 IDE Lomba 17 Agustus di Sekolah Tingkat SD, SMP, dan SMA untuk Rayakan HUT RI Ke 77 Tahun 2022

Hadirin anu salinggih..
Ayeuna mah teu kenging aya deui perpecahan sarta permusuhan diantara urang sadaya. Mugi-migi ku sumanget ’45 urang tiasa ngabangun nagara ieu ku sifat anu silih pikanyaah, silih pikahormat, jeung silih ngabantu pikeun ka jalina kaharmonisan saperti nu urang harapkeun, jadi nagara anu sejahtera.

Halaman:

Editor: Ahmad Khakim

Sumber: bahasasunda.com


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah