Baca Juga: Kunci Jawaban Matematika Kelas 9 Halaman 304 305 Latihan 5.3 Soal Nomor 5-10 Lengkap Pembahasannya
19. Dina kahirupan masyarakat Sunda dipikawanoh rupa-rupa kadaharan tradisional. ieu kadaharan tradisional baris dipedar anu bahan dasarna tina tipung beas, diantarana bandros, awug, bubur beureum, bubur bodas, nagasari, jeung nu lainna, salah sahijina nyaeta ali agrem, ieu kadaharan teh dijieunna tina tipung beas. Ari bahan nu dipakena nyaeta gula beureum, cai, uyah, jeung minyak kalapa. Cara nyieun ali agrem teh kieu. Tipung beas dikucuran ku cai gula beureum. Diaduk sarta dipadetkeun nepi ka rata. Dijieunna buleud sarta bolong di tengah, saperti ali atawa cincin, tuluy digoreng nepi ka asak.
Rupa rupa kadaharan anu asalna lain tina tipung beas, nyaeta .....
A. ali agrem C. awug
B. nagasari D. comro
Jawaban: D
20. Dihandap ieu cara nyieun ali agrem anu bener, nyaeta .....
A. tipung beas dikucuran ku cai gula beureum, diaduk sarta dipadetkeun nepi ka rata. Dijieunna buleud sarta bolong ditengah tuluy digoreng nepi ka asak.
B. tipung beas dikucuran ku cai gula beureum, diaduk ditutupan tuluy di goreng
C. tipung beas dikucuran ku cai gula beureum, dibuleudkeun sarta dibolongan di tengahnya tuluy disepan.
D. tipung beas dikucuran ku cai gula beureum, diaduk, di padeutkeun jeung di buleudkeun
Jawaban: A
21. Wangun karya sastra anu caritana pondok tur biasana aya bagian-bagian anu pamohalan (teu asup akal) disebut .....
A. Carpon C. Sajak
B. Dongèng D. Puisi
Jawaban: B
22. Dongèng “Si Kabayan” kalebet conto dongèng ....
A. Pabel C. Parabel
B. Mite/Mitos D. Sasakala
Jawaban: C