40 Soal Sumatif PAT UKK Bahasa Sunda Kelas 8 SMP Semester 2 PDF Kurikulum 2013 dan Kurikulum Merdeka 2023

6 Juni 2023, 18:52 WIB
40 Soal Sumatif PAT UKK Bahasa Sunda Kelas 8 SMP Semester 2 PDF Kurikulum 2013 dan Kurikulum Merdeka 2023 /pexels.com

Portal Kudus - Berikut ini soal sumatif PAT UKK Bahasa Sunda kelas 8 (delapan) SMP semester 2 PDF sesuai dalam Kurikulum 2013 dan Kurikulum Merdeka tahun 2023.

Mari teman-teman kelas 8 (delapan) SMP belajar soal sumatif PAT UKK Bahasa Sunda semester 2 PDF dalam Kurikulum 2013 dan Kurikulum Merdeka untuk persiapan kenaikan kelas.

Adapun soal sumatif PAT UKK Bahasa Sunda kelas 8 (delapan) SMP semester 2 PDF dalam Kurikulum 2013 dan Kurikulum Merdeka ini berjumlah 40 butir pertanyaan yang dilengkapi kunci jawaban.

Baca Juga: 45 Soal Sumatif PAT UKK Bahasa Inggris Kelas 8 SMP Semester 2 PDF Kurikulum 2013 dan Kurikulum Merdeka 2023

Kunci jawaban soal Bahasa Sunda kelas 8 semester 2 dapat teman-teman temukan di bagian akhir artikel.

Jika ada gambar, tabel, atau soal yang kurang jelas, bisa dicek di file PDF yang dibagikan di akhir ya.

Semoga dengan belajar soal Bahasa Sunda kelas 8 semester 2 ini teman-teman bisa mendapat nilai yang bagus.

Yuk, langsung saja kita belajar bermacam soal Bahasa Sunda kelas 8 semester 2.

Soal PAT/UKK Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 2

 

I. Pilihlah salah satu jawaban yang paling tepat pada pilihan A, B, C dan D di bawah ini!

Baca wacana di handap piken soal kanu no 1 - 2!
Topeng Blantek

Ngaran ieu kasenian tradisional teh diwangun ku dua kecap topeng jeung blantek. Pangna disebut topeng teh lantaran dina pagelaranna aya bagian nu mintonkeun ibingan make topeng. Cindekna, beungeut nu ngibingna ditutupan ku topeng atawa kedok. Ari nu dimaksud blantek teh pihartieunnana campur aduk. Aya beneran disebut campur aduk teh lantaran dina pintonanna ngandung rupa-rupa unsur kayaning ibingan, bobodoran jeung lalakon (carita).
..........................

1. Pihartieun kecap blantek dina wacana di luhur nyaeta .....
A. Campur seni ibingan
B. Campur aduk
C. Campur sari
D. Campur seni daerah

2. Pangna dingaranan kesenian topeng blantek teh kulantaran .....
A. Kabeh pamaen marake topeng
B. Nu ngibing make topeng
C. Nu mintonkeun bobodoran make topeng
D. Dina panggung digantung-gantungkeun topeng

3. “Jalan ka Puncak teh mani .....”
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan eta kalimah nyaeta .....
A. Amis C. Seungit
B. Nanjak D. Lada

4. “Mobil anyar teh majuna mani .....”
Kecap numerenah pikeun ngalengkepan eta kalimahnyaéta .....
A. Alus C. Loba
B. Gancang D. Pinter

5. “Ka Pa Haji Gugun mah loba nu mikaresep lantaran .....”
Kecap sifat anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur, nyaeta .....
A. Agreng C. Tarik
B. haseum D. Bageur

6. Nu kaasup rangkey laporan perjalanan, nyaeta .....
A. Tujuan, tempat, waktu, kegiatan, biaya perjalanan
B. Tujuan, tempat, waktu, pamilon, kegiatan
C. Tujuan, tempat, waktu, biaya perjalanan, kegiatan
D. Tujuan, tempat, waktu bekel perjalanan, kegiatan

7. Tingali pernyataan nu di handap ieu!
1. Ieu kagiatan teh dilaksanakeun poe sabtu, tanggal 8 Januari 2021
2. Anu milu dina ieu kagiatan aya 250 urang
3. Tujuan karyawisata ka kebon raya Bogor teh nyaeta supaya parasiswa boga pangalaman ngeunaan rupa-rupa spesies tutuwuhan (Tumbuh-tumbuhan)
4. Salila dikebun raya Bogor parasiswa nitenan sarta nyatet rupa-rupa spesies tutuwuhan
5. tempat-tempat anu dituju teh nyaeta Kebun Raya Bogor jeung Museum Zoologi.

Susunan laporan perjalanan nu bener nyaeta .....
A. 1-2-3-4-5 C. 3-5-1-2-4
B. 2-1-3-4-5 D. 4-5-1-2-3

8. “Ibu guru nembe ..... panatara ti Bogor”
Basa hormat anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta .....
A. Mulang C. Balik
B. Mulih D. Wangsul

9. “Abdi mah bade ..... ayeuna, tos teu kiat lapar”.
Basa hormat anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta .....
A. Dahar C. Makan
B. Neda D. Tuang

10. Tengetan sajak ieu di handap!
Di Hiji Leweung Geledegan
Aya tulang nyangsang na dahan deudeuh
Sesa raga arucutan
Langlayangan teu kapuluk teu karucu
Di hiji leuweung geledegan
..........

Sempalan (penggalan) sajak di luhur ngagambarkeun kaayaan anu .....
A. Gumbira C. Bingung
B. Ambek D. Pikasediheun

11. “Kuring meunang Peunteun anu hade”
Sinonim tina kecap “hade”, nyaeta .....
A. Alus C. handap
B. Hoream D. Pinter

12. “Teu babari jadi juara kelas teh, lantaran lantaran sainganna loba.”
Antonim tina kecap “babari” nyaeta .....
A. Cape C. Handap
B. Hese D. Ruksak

13. “Cing, Pangmeulikeun kopi ka warung, Jang!”
Kalimah di luhur kaasup kana kalimah parentah...
A. Nyaram C. Maksa
B. Menta/nitah D. Ngajak

Kalimah kanggo no 14 - 18!
KA ROSULULLAH
Karya : Yus Rusyana

Abdi ngarawu sampéan anjeun ya Rosulullah
Ngartos kana guna tatapakan anu ku anjeun dipasang
Margi tanpa éta
Taya nu tiasa diwangun
Sagala tihang-tihang nu ku abdi baris diadegkeun
Ditapakeun kana iman
Kana yakin ka Nu hiji
Sedeng salambar kalakay murag
Aya dina panalingaan Anjeunna
Sareng yakin
Anjeun téh piwarangana-Na
Nu mitutur bari brukbrak
..........

14. Karangan di luhur kaasup kana .....
A. sajak C. novel
B. carita pondok D. pedaran
15. Jejer karangan “KA ROSULULLAH” nyaéta .....
A. rukun islam C. taqwa
B. rukun iman D. ihsan

16. Naon nu dimaksud yakin ka Nu hiji dina pada (bait) kadua sajak di luhur ?
A. yakin ka Malaikat
B. ka Rosulullah
C. yakin ka Allah swt
D. yakin ka nu diri

17. Sajak di luhur karya .....
A. Ajip Rosidi C. Yus Rusyana
B. Yusuf D. Taufiq Ismail

18. Eusi pada (bait) ka tilu dina sajak di luhur nyaéta .....
A. iman ka Allah
B. iman ka Rosul
C. iman ka poé ahir
D. iman ka kitab na Allah

19. Tingalki kalimah nu di handap ieu!
1. Maos Al-Qur’an 4. Tablig Akbar
2. Bubuka 5. Panutup
3. Laporan Pupuhu

Susunan acara anu merenah dumasar kana acara-acara di luhur nyaéta .....
A. 1-3-2-4-5 C. 2-1-3-4-5
B. 2-3-1-4-5 D. 3-2-1-4-5

20. Nu kaasup sarat-sarat jadi pamandu acara nyaeta .....
A. Sora kudu tarik pisan
B. Kalimat nu diucapkeun bedas
C. Ngagunakeun basa anu bener
D. Ngutamakeun panampilan pakean

21. Kalimah anu mangrupa conto panutupdina acara rapat, nyaeta .....
A. Hapaunten anu kasuhun, bilih panampian ti sim kuring kirang nyugemakeun. Dupi acara anu bade dipidangkeun
B. Salajengna, mangga ieu acara rapat urang buka ku maca basmallah sasarengan
C. Hadirin anu dipihormat, acara anu kadua nyaeta pamapag ti ketua OSIS
D. Salajengna mangga urang tutup ieu acara kumaoskeun hamdallah sasarengan!.

22. “Sabada ngadugikeun salam kawilujengan, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka saderek sadaya, teu hilap ka bapak sareng ibu guru anu parantos kersa ngaluuhan ieu rapat.”

Pedaran kalimah diluhur teh mangrupa .....
A. Panutup
B. Bubuka
C. Kacindekan
D. Biantara Pangdedeuh
23. Pilih kalimah bubuka nu merenah pikeun muka acara diskusi!
A. Parasaderek, di payuneun urang sadaya parantos siap kelompok lima anu baris medar perkawis “ tatakrama”.
B. Waktos anu disayogikeun dina ieu sawala teh 30 menit.
C. Salaku moderator sim kuring nganuhunkeun hususna ka kelompok lima.
D. Teu hilap sim kuring neda dihapunten, bilih salami mancen janten moderator masih keneh seueur kakirangan.

24. Dina kagiatan diskusi, tugas moderator nyaeta .....
A. Ngamankeun acara diskusi
B. Mere tanggapan diskusi
C. Nulis hasil diskusi
D. Mandu acara diskusi

25. Hiji carita disebut carita pondok ditilik tina .....
A. Panjang carita bisa dibaca kurang ti sajam, bagiannana saeutik.
B. Palakuna loba jeung konflikna rumit
C. Panjang caritana bisa dibaca kirang tisajam, peristiwana lumangsung lila
D. Babagianna loba, patempatan ilahar ngan salokasi.

Kalimah pikeun no 26-28!
Baca sempalan teks di handap!

Didi Kartasasmita dibabarkeun di Tasikmalaya, 20 November 1911. Pupusna di Jakarta, 8 Oktober 1996. Sasarengan sareng Urip Sumoharjo, Didi janten peletak dasar organisasi militer Républik Indonésia.

Ti yuswa 8 taun tebih sareng sepuhna margi sakola di ELS (Europeeshe Lagere School), PHS (Prins Hendrik School), HBS (Hoogere Burger School) jeung KMA (Koninklijke Militaire Academie) di Breda Walanda. Sadayana mangrupi sakola-sakola pikeun urang Éropah. Saréngséna sakola di Walanda, dina taun 1935 dibenum jadi perwira KNIL (Koninklijke Nederland Indisch Leger) sarta di tempatkeun di batalyon X Jakarta, di Kompi Jawa. Lajeng di kompi Manado sareng walanda totok. Kumargi nyekel deleg kana kasundaan, anjeuna alim disamikeun sareng urang Walanda.
.....

26. Dumasar kana eusina éta karangan kaasup kana .....
A. carita pondok
B. sajak
C. biografi/riwayat hirup
D. novel

27. Didi Kartasasmita dibabarkeun di .....
A. Tasikmalaya, 20 November 1911
B. Tasikmalaya, 2 November 1911
C. Bandung, 20 November 1911
D. Bandung, 2 November 1911

28. Didi Kartasasmita sakola na di .....
A. Inggris C. Portugis
B. Walanda D. Jepang

29. Kumargi nyekel deleg kana kasundaan, anjeuna alim disamikeun sareng urang Walanda.

Kecap nyekel deleg hartina .....
A. nyekel pageh, kukuh
B. nyekel budaya
C. nyekel tradisi
D. Nyekel adat

30. Jadi pamingpin mah kudu wijaksana tur lemah lembut.
Paribasa anu merenah pikeun kalimah di luhur nyaéta .....
A. laér gado
B. adat ka kurung ku iga
C. leuleus jeujeur liat tali
D. bodo aléwho

31. TARAWEH
Geus datang deui bulan puasa. Kuring mah sok resep mun bulan puasa teh. Ari waktuna puasa sok teu pati resep, da sok lapar. Komo lamun tengah poe, peujit teh sok mangka murilit bakating ku lapar. Tikoro tuhur balas hayang nginum, awak lungse taya tanaga, titinggalieun teh sok ranyay teu puguh.

Resepna mun waktu buka, sagala ngeunah rarasaan teh. Nginum cai herang ge asa ngeunah pisan. Mun ngasaan mah boa cai surga. ( dicutat tina mangle alit)

Nu dicaritakeun dina sempalan carpon di luhur nyaeta .....
A. Taraweh C. Lalungse
B. Puasa D. Hanaang

32. Kecap tuhur ngandung harti .....
A. Baseuh C. Encer
B. Garing D. Kintel

33. Kalimah anu nuduhkeun nikmatna ibadah dina bulan puasa nyaeta .....
A. Kuring mah sok resep lamun bulan puasa the
B. Ari waktuna puasa mah sok teu resep da sok lapar
C. Komo lamun tengah poe, peujit teh sok mangka murilit bakating ku lapar
D. Resepna mun waktu buka, sagala ngeunah rarasaan teh

34. Rarangkén harep ka-dina kecap katajong ngandung harti .....
A. ngawngun kecap barang
B. ngawangun kecap nu nuduhkeun milik
C. ngawangun kecap pagawéan teu di haja
D. ngawangun kecap kaayaan

35. “Bi ngagaleuh gula .....!”
A. sahiji C. saturuy
B. salosin D. sagandu

36. Kecap takwa asalna tina basa arab nu hartina .....
A. syukuran C. sieunan
B. taat ka Allah D. éléhan

37. Kecap tatanén ngandung harti .....
A. pepelakan C. panén
B. binih D. dahareun

38. Surat anu dikirim ti pribadi ka kolot disebutna surat .....
A. Dines C. Pribadi
B. Sakola D. Resmi

39. Conto kalimah salam pamuka dina bagian surat pribadi nyaéta .....
A. salam sono C. kahatur Kang Ajat
B. wasalam D. baktos abdi

40. “Kuring meunang Peunteun anu hade”
Sinonim tina kecap “hade”, nyaeta .....
A. Alus C. Handap
B. Hoream D. Pinter

Untuk men-download soal dan kunci jawaban PAT/UKK Bahasa Sunda kelas 8 semester 2, teman-teman bisa mengunduh melalui link di bawah ini:

>> Link download soal Bahasa Sunda kelas 8 semester 2 : https://shorturl.at/kFTX0

Demikian kumpulan soal PAT/UKK Bahasa Sunda kelas 8 semester 2 KMA 183 yang bisa dibagikan.***

 
Editor: Ahmad Khakim

Tags

Terkini

Terpopuler