Dongeng Situ Bagendit Bahasa Sunda, Naskah Singkat dan Mudah Dipahami Sasakala Situ Bagendit Beserta Amanatnya

2 September 2022, 17:23 WIB
Dongeng Situ Bagendit Bahasa Sunda, Naskah Singkat dan Mudah Dipahami Sasakala Situ Bagendit Beserta Amanatnya /Pexels/Kaboompics .com/

Portal Kudus - Inilah Dongeng Situ Bagendit Bahasa Sunda, naskah singkat dan mudah dipahami sasakala Situ Bagendit beserta amanatnya.

Bagi kalian yang bingung dan mencari tahu contoh ringkasan dan amanat cerita Dongeng Situ Bagendit Bahasa Sunda singkat, simak artikel ini hingga selesai.

Artikel ini akan menyajikan contoh cerita Dongeng Situ Bagendit Bahasa Sunda singkat beserta amanat guna menjadi panduan agar membantu belajar kalian.

Baca Juga: Simak Dongeng dari Jawa Barat Bahasa Sunda Singkat, Ringkasan Cerita Rakyat Legenda untuk Tugas Sekolah

Dongeng merupakan bentu sastra kuno yang menceritakan suatu kejadian yang luar biasa namun fiksi atau hanya fiktif yang bersifat khayalan.

Dongeng juga merupakan cerita tradisional yang turun temurun dan memiliki fungsi sebagai pengajaran moral.

Nah langsung saja simak berikut ini contoh cerita Situ Bagendit Bahasa Sunda singkat dan amanat yang terkandung.

Baca Juga: Naskah Cerita Roro Jonggrang Bahasa Jawa Lengkap, Contoh Teks Drama Legenda Roro Jonggrang Singkat untuk Tugas

Dongeng Situ Bagendit

Baheula geus rébuan taun ka tukang aya hiji randa beunghar nu katelah Nyi Endit.

Ieu téh saenyana mah ngaran nénehna, da ngaranna sajatina mah Nyi Bagendit.

Manéhna téh kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana ka kumedannana.

Salian ti pakacar-pakacarna mah tara aya nu lar sup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh.

Baca Juga: CERITA WAYANG Bahasa Jawa Arjuna, Teks Ringkasan Contoh Cerita Wayang Pendek Bahasa Jawa Singkat

Kajaba ti teu aya anu ngawawuhan, Nyi Endit téh émang jalma nunggul pinang, geus teu kadang warga, hirup téh éstu nunggelis.

Ari beungharna téa mah tétéla. Béh kebonna béh sawahna, imahna gé panggedéna di salembur éta mah.

Turug-turug ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan, nu upluk-aplak.

Maksudna teu aya lain, ku bawaning embung campur jeung babaturan, da sieun kasoro téa. Teu kitu mah atuh moal disebut medit.

Baca Juga: BERITA Bahasa Jawa Singkat 5W 1H Tahun 2022, Contoh Teks Berita Tentang Kecelakaan Bahasa Jawa yang Pendek

Kacaturkeun basa usum panén. Di ditu di dieu ceuyah anu dibaruat.

Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari saréngsé dijieun jeung sanggeus paréna di kaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sedekah ngondang lebé jeung sawatara tatanggana.

Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang, ngariung tumpeng.

Atuh nu ngariung téh nepi ka aya ratusna, tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ngan sakotéap geus bérés bari tingkaretap kénéh.

Baca Juga: DOWNLOAD Soal Olimpiade Matematika SMP 2022, Kumpulan Contoh Soal Buat Latihan Jelang Olimpiade Matematika

Keur meujeuhna balakecrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun.

Ku pribumi teu ditarik teu ditakon, nya pok aki-aki waléh, yén teu kawawa ku lapar, sugan aya sih piwelas.

Ari kitu téh Nyi Endit bet nyarékan, nyeklek-nyeklekkeun, pajarkeun téh tau aya ka éra, teu ngahutang gawé, ménta bagéan.

Tungtungna nepi ka pundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun.

Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan.

Baca Juga: CERITA WAYANG Bahasa Jawa Arjuna, Teks Ringkasan Contoh Cerita Wayang Pendek Bahasa Jawa Singkat

Méméh indit manéhna ngomong kieu: “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.” Ngomongna kitu téh kasaksian ku sakur anu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik.

Kakarak gé pating laléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero: “Ca’ah! Ca’ah!” cenah.

Henteu kanyahoan deui timana datangna éta cai, ngan leb baé pakarangan Nyi Endit téh geus ka keueum, atuh kacida ributna jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé.

Nyi Endit gé nya kitu, niat rék nyingkirkeun cai, tapi barang kaluar ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut ting garuling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus ka keueum méh laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bias mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung.

Baca Juga: BERITA Bahasa Jawa Singkat 5W 1H Tahun 2022, Contoh Teks Berita Tentang Kecelakaan Bahasa Jawa yang Pendek

Tapi henteu kungsi lila jep baé jempé, sihoréng geus tikerelep. Imahna gé geus teu katembong.

Sumawonna sawahna nu upluk-aplak geus aya di dasar cai.

Lembur sakuriling bungking geus robah ngarupa jadi situ, anu nepi ka ayeuna katelah situ bagendit téa.

Pesan moral dalam dongeng asal Usul situ bagendit:

Jadi orang janganlah serakah, pelit dan sombong, karena semua perbuatan pasti ada balasannya.

Serta, harta hanyalah sebuah titipan, alangkah baiknya kita bersikap dermawan, saling berbagi, dan saling menolong dengan orang lain.

Baca Juga: CONTOH Soal dan Kunci Jawaban KSM Matematika MTs 2022 PDF Tingkat Kabupaten Terintegrasi, Download Disini

Demikian informasi terkait contoh cerita Dongeng Situ Bagendit Bahasa Sunda singkat .***

Editor: Sugiharto

Tags

Terkini

Terpopuler