TEKS Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda Singkat Padat Jelas Terbaru 2024, Download PDF Khutbah Idul Fitri 1445 H

8 April 2024, 07:40 WIB
teks khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda singkat padat jelas terbaru 2024 /pexels.com

Portal Kudus - Inilah teks khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda singkat padat jelas terbaru 2024, download PDF khutbah Idul Fitri 1445 H.

Lebaran Idul Fitri 2024 atau 1 Syawwal 1445 H tinggal sebentar lagi, terhitung tinggal menghitung hari perayaan kemenangan segera dijumpai.

Semarak persiapan mulai disusun sedemikian baiknya, untuk bisa merayakan dan menyambut hari kemenangan dengan gembira hati.

Mulai dari persiapan makanan khas lebaran, menyajikan kue lebaran, baju baru lebaran, THR lebaran sampai pada persiapan ibadah dibentuk dengan baik.

Baca Juga: KUMPULAN Khutbah Idul Fitri 2024 Terbaru Singkat dan Menyentuh Hati, Download Contoh Khutbah Idul Fitri 1445 H

Seperti ibadah yang dilakukan di masjid yaitu mulai dari sholat Jumat berjamaah dan sholat Idul Fitri, dimana khutbah menjadi salah satu hal penting yang dipersiapkan.

Diawali dengan tema khutbah sederhana dan menyentuh hati, sampai ke tema yang gembira bahkan membuat sedih.

Berikut adalah teks khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda singkat padat jelas terbaru 2024.

KHUTBAH PERTAMA

اللهُ أَكْبَرُ (×٣) اللهُ أَكْبَرُ (×٣) اللهُ أَكْبَرُ (×٣) وَ لِلّٰهِ اْلحَمْدُ

الْحَمْدُ لِلّٰهِ الْمُنْعِمِ عَلَى مَنْ أَطَاعَهُ وَاتَّبَعَ رِضَاهُ، الْمُنْتَقِمِ مِمَّنْ خَالَفَهُ وَعَصَاهُ، الَّذِى يَعْلَمُ مَا أَظْهَرَهُ الْعَبْدُ وَمَا أَخْفَاهُ، الْمُتَكَفِّلُ بِأَرْزَاقِ عِبَادِهِ فَلاَ يَتْرُكُ أَحَدًا مِنْهُمْ وَلاَيَنْسَاهُ، أَحْمَدُهُ سُبْحَانَهُ وَتَعَالَى عَلَى مَاأَعْطَاهُ

أَشْهَدُ أَنْ لآ إِلٰهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةَ عَبْدٍ لَمْ يَخْشَ إِلاَّ اللهَ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الَّذِي اخْتَارَهُ اللهُ وَاصْطَفَاهُ. اللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ وَالاَهُ،

أَمّأَبَعْدُ، فَيَآ أَيُّهَا النَّاسُ، اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تَقْوَاهُ وَاعْلَمُوْا أَنَّ يَوْمَكُمْ هٰذَا يَوْمٌ عَظِيْمٌ، وَعِيْدٌ كَرِيْمٌ، أَحَلَّ اللهُ لَكُمْ فِيْهِ الطَّعَامَ، وَحَرَّمَ عَلَيْكُمْ فِيْهِ الصِّيَامَ، فَهُوَ يَوْمُ تَسْبِيْحٍ وَتَحْمِيْدٍ وَتَهْلِيْلٍ وَتَعْظِيْمٍ وَتَمْجِيْدٍ، فَسَبِّحُوْا رَبَّكُمْ فِيْهِ وَعَظِّمُوْهُ وَتُوْبُوْا إِلَى اللهِ وَاسْتَغْفِرُوْهُ

Baca Juga: 17 Stiker Idul Fitri 2024 Terbaru dan Aesthetic, Download Stiker Lebaran Idul Fitri 1445 Unik dan Menarik

Hadirin Sadayana, Jamaah Solat Idul Fitri Anu Mulya

Teu aya kalimat anu pang sae-saena anu dikedalkeun ku urang di danget ieu anging Alhamdulillah. Puji syukur kanu Maha Agung. Dzat anu murbeng alam. Dzat anu parantos ngajajapkeun urang sadayana dugi kana poe lebaran. Saparantosna urang berjuang nahan haus jeung lapar. Saparantosna urang jihad mayunan godaan nafsu jeung amarah. Akhirna dugi oge kana ieu poe. Poe dimana urang diharamkeun puasa jeung dikudukeun barang dahar.

Solawat sareng salamna muga dikocorkeun salamina ka jungjunan Alam, yakne Kangjeng Nabi Muhammad Saw. Nabi nu janten pamingpin sadaya utusan Gusti, nabi nu janten pamuka hidayah ka umatna. Solawat sareng salamna oge muga dilimpahkeun ka para sahabat, tabiin, sareng tabi'it tabiin, dugika urang salaku umat anu hoyong ngengingkeun syafaatna.

Jamaah Idul Fitri anu mulya,

Teu hilap sateuacan ngalajengkeun khutbah, ngalangkungan ieu minbar, khotib wasiat ka diri pribadi oge jamaah sadayana. Hayu urang ningkatkeun iman sareng takwa urang sadayana ka Dzat Alloh Robbul Izzati. Dzat anu salawasna ngatur oge maparin ni’mat ka urang sadayana. Ti kawit nikmat iman, islam, ihsan, panjang yuswa, oge sehatna.

Baca Juga: 19 POSTER Idul Fitri 2024 Terbaru, Download Poster Ucapan Idul Fitri 1445 H Simple Keren Menarik PNG CDR

Kersaning Alloh urang tiasa kempel berjamaah di ieu tempat, mungkas sadayana rangkaian ibadah Romadon. Kalayan bari ngemutan kumaha urang neraskeun tur ngalestarikeun nilai-nilai Romadon. Naon wae pelajaran penting nu tiasa ku urang dipetik tina Romadon. Supaya urang ka payun gaduh langkah anu jelas, langkah anu matak ngajajap ka kasaean, langkah anu matak ngajajap kana rido sareng surgana Alloh swt.

Ku hal sakitu, hadirin sadayana, dina waktos ieu, khotib bade medar naon wae pelajaran penting tina Romadon anu tiasa dipetik ku urang. Sangkan urang teu kajongjonan teuing ku uforia lebaran, bari poho kana amanat Romadon. Hayu urang sami-sami kupingkeun, regepkeun, oge amalkeun.

Kahiji, pelajaran puasa Romadon teh nyaeta nembongkeun kadeudeuh Alloh kanggo urang salaku umat Kangjeng Rosul supaya ngalipetkeun ganjaran jeung ngahontal rupi-rupi kahadean. Sakumaha kauninga, umat Kangjeng Rosul mah parendek yuswana, rata-rata ukur 60 taunan, oge paling lami ukur saratus taunan. Tapi sanaos kitu, ku bulan Romadon, ibadah urang tiasa ngabanding kana ibadahna umat-umat kapungkur anu yuswana paranjang dugika ratusan tahun. Hal ieu terjadi ku ayana dilipet-lipetankeunnana pahala dina bulan Romadon, salah sawiosna ngalangkungan Laelatul Qodar anu kahadeannana ngabanding sarebu bulan, sakumaha anu tos ditetelakeun dina Al-Quran.

إِنَّا أَنْزَلْنَاهُ فِي لَيْلَةِ الْقَدْرِ ، وَمَا أَدْرَاكَ مَا لَيْلَةُ الْقَدْرِ ، لَيْلَةُ الْقَدْرِ خَيْرٌ مِنْ أَلْفِ شَهْرٍ

Baca Juga: KUMPULAN Khutbah Idul Fitri Terbaik Sepanjang Masa PDF 2024, Download Teks Khutbah Hari Raya Idul Fitri 1445 H

Sing saha-sa anu anu ngalaksanakeun ibadah malem atanapi qiyamullail dina bulan Ramadhan, komo lamun ngenaan ka Lailatul Qodar disarengan ku kaimanan sareng kaikhlasan, maka panghampura dosa balasannana. Kitu sakumaha anu parantos didugikeun ku Kangjeng Nabi saw.

مَنْ يَقُمْ لَيْلَةَ القَدْرِ، إِيمَانًا وَاحْتِسَابًا، غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ

Hartosna, “Sing saha-saha jalma anu ibadah malem Lailatul Qodar disarengan ku kaimanan oge kaikhlasan maka bakal dihampura dosa-dosana,” (HR. Al-Bukhori).

Di dieu puasa masihan pelajaran kanggo urang, yen Alloh kawasa ngunggulkkeun hiji perkara di antawis perkara-perkara sanesna. Tah bulan puasa oge bulan anu diunggulkeun di antawis bulan-bulan sejenana. Nyakitu keneh Alloh kawasa ngunggulkeun jalma-jalma pilihannana di antawis jalma-jalma sejenna, ngalimpahkeun rezekina, ngaluaskeun elmuna, ngaluhurkeun darajatna, manjangkeun umurna, ngasepkeun rupana, jeung sajabana.

Tapi di sisi sanes, Alloh kawasa ngadamel jalmi-jalmi anu sabalikna ti eta. Hartosna sanes Alloh teu kawasa ngabeungharkeun sadaya jalma. Sanes teu kawasa Alloh ngelmuan sadayana jalma. Tapi di balik eta Alloh nyimpen hikmah sareng rahasia anu luar biasa.

Baca Juga: 17 DESAIN Banner Ucapan Selamat Hari Raya Idul Fitri 2024, Download Contoh Banner Idul Fitri 1445 H CDR

اللهُ أَكْبَرُ اللهُ أَكْبَرُ اللهُ أَكْبَرُ وَلِلّٰهِ الْحَمْد

Maasyirol Muslimin, sidang solat id anu dimulyakeun ku Alloh

Kadua, pelajaran puasa teh nyaeta lahirna rahasia antawis urang sareng Alloh. Teu aya hamba anu tiasa ningal hakekatna kecuali Alloh. Matak pantes, teu aya anu hak ngabales puasa anging Alloh. Hal kitu luyu sareng katerangan hadis qudsi:

كُلُّ عَمَلِ ابْنِ آدَمَ يُضَاعَفُ الْحَسَنَةُ عَشْرُ أَمْثَالِهَا إِلَى سَبْعِمِائَةِ ضِعْفٍ، قَالَ اللَّهُ تَعَالَى: إِلَّا الصَّوْمَ، فَإِنَّهُ لِي، وَأَنَا أَجْزِي بِهِ يَدَعُ طَعَامَهُ وَشَرَابَهُ وَشَهْوَتَهُ مِنْ أَجْلِي

Hartosna, “Satiap amal turunan Adam dilipatgandakeun balesanana. Hiji kasaean dilipetgandakeun kana sapuluh dugika saratus lipetna. Alloh swt ngadawuh, ‘Anging ibadah puasa. Saenya-enyana puasa teh keur kaula. Oge kaula anu baris ngabalesna. Sabab, hiji hamba ninggalkeun syahwat jeung kadaharanna karena kaula.’” (HR. al-Bukhari).

Tah pelajaran puasa ieu kalintang pentingna kanggo urang ngaitkeun sagala rupa perkara ka Alloh. Sahingga urang salawasna tiasa berhubungan sareng Alloh, ngaraos diteuteup ku Alloh, diawasi ku Alloh. Ka dituna, urang ngaraos diatur ku Alloh, digerakkeun ku Alloh, sareng sajabina.

Baca Juga: 15 Kata-kata Minta Maaf Idul Fitri 2024 1445 H yang Menyentuh Hati, Cocok Dikirim ke Keluarga dan Teman

Intina, sagala rupa anu terjadi teu aya anu luput tina katangtosan Alloh. Nyakitu keneh urang ibadah teh sanes keur makhluk, tapi kanggo Alloh, matak kudu ngarasa aya di payuneun Alloh. Ka ditu na urang teu wantun ngareumpak larangan Alloh, sabab ngaraos dipencrong ku Alloh. Tah ieu anu namina ihsan sakumaha anu parantos digambarkeun ku Kangjeng Rosul waktos ditaros ku malaik Jibril.

قَالَ: يَا رَسُولَ اللَّهِ مَا الْإِحْسَانُ؟، قَالَ: أَنْ تَعْبُدَ اللَّهَ كَأَنَّكَ تَرَاهُ، فَإِنَّكَ إِنْ لَا تَرَاهُ فَإِنَّهُ يَرَاكَ

Hartosna, “He Rosulalloh, naon ari hartosna ihsan?” Anjeuna ngawaler, “Ihsan teh anjeun ibadah ka Alloh, siga-siga anjeun ningal ka Alloh. Sanajan anjeun teu ngaraos ningal ka Alloh, tapi Alloh mah ningal ka anjeun.” (HR. Ahmad).

Tah ieu kedah leres-leres dijiwai ku urang sadayana. Urang ibadah teh hungkul ka Alloh. Sing bener-bener khusyu’ siga urang tos tiasa ningal sareng papayun-payun sareng Alloh. Mung saupamina teu acan ngaraos papayun-payun sareng Alloh, urang sing emut yen urang salamina diteuteup ku Alloh.

اللهُ أَكْبَرُ اللهُ أَكْبَرُ وَلِلّٰهِ الْحَمْد

Katilu, pelajaran puasa teh nyaeta nyadarkeun yen kawajiban puasa tina dahar, nginum, sareng tina rupa-rupa pangbatalan mah tempatna ukur dina bulan Romadon hungkul. Tapi puasa tina rupa-rupa perkara haram sareng padamelan tercela mah tempatna dina saumur hirup urang. Sareng deui, lamun keur sejeroning puasa urang sadayana dipiwarang ngeker tina perkara anu halal, maka komo tina perkara anu teu halal.

Baca Juga: TEKS Bacaan Takbir Idul Fitri Versi Panjang dan Pendek Tulisan Arab, Latin, dan Artinya

Tah saenya-enyana mah puasa teh rek mere pelajaran keur urang, yen dina sagala rupa oge urang teu kenging kaleuleuwihi sanaos eta perkara teh halal jeung milik urang. Rek tina jihat kadaharan, rek tina jihat gaul jeung bojo.

Jadi makna imsak anu secara bahasa nyaeta ‘ngeker’, saatos kaluar tina bulan puasa kudu bisa diterapkeun dina sagala widang. Ngandung harti urang teu meunang kaleulewihi. Kalebet dina poe lebaran ieu. Urang lain teu meunang bungah, lain teu meunang nganggo pakean weuteuh, lain teu meunang meser kadaharan anu ngeunah. Tapi kade urang ulah kaleuleuwihi. Sabab, Alloh swt. teu mikaresep ka jalma anu kaleuleuwihi. Kitu sakumaha anu tos diamanatkeun dina salah sawios ayat-Na:

يا بَنِي آدَمَ خُذُوا زِينَتَكُمْ عِنْدَ كُلِّ مَسْجِدٍ وَكُلُوا وَاشْرَبُوا وَلا تُسْرِفُوا إِنَّهُ لا يُحِبُّ الْمُسْرِفِينَ

Hartosna, “He anak incu Adam, pake pakean anjeun anu endah satiap (asup) ka masjid oge dahar jeung nginum aranjeun, tapi ulah kaleuleuwihi. Saenya-enyana Anjeuna (Alloh) teu resep ka jalma-jalma anu kaleuleuwihi,” (QS. al-A’raf [7]: 31).

Malahan dina ayat sanesna mah, jalmi anu kaleuleuwihi teh diancam kagolongkeun kana ahli naraka. Naudzubillah.

Baca Juga: KUMPULAN Background Spanduk Idul Fitri 2024 CDR, Cocok Untuk Banner Ucapan Selamat Hari Raya Idul Fitri 1445 H

وَأَنَّ الْمُسْرِفِينَ هُمْ أَصْحَابُ النَّارِ

Hartosna, “Saenya-enyana jalma anu kaleuleuwihi maranehna teh golongan ahli naraka,” (QS. al-Mu’min [40]: 43).

Cohagna mah Romadon teh ngajarkeun kasederhanaan. Romadon ngalatih urang nahan perkara halal, sumawona perkara nu teu halal. Urang kedah emut kana alam padang, poe panjang, nagara tanjung sampurna alias alam akherat tea namina anu bakal disanghareupan ku urang ngalangkungan alam kubur. Nalika urang dikubur, pakean urang ukur boeh anu basajan. Minyak wangi urang ukur kamper anu sok dipake ngusir cucunguk. Harita urang dibalikkeun deui kana taneuh anu asalna tina taneuh.

مِنْها خَلَقْناكُمْ وَفِيها نُعِيدُكُمْ وَمِنْها نُخْرِجُكُمْ تارَةً أُخْرى

“Tina (taneuh) Kaula nyiptakeun anjeun, kana taneuh Kaula bakal mulangkeun anjeun jeung tina taneuh Kaula bakal ngaluarkeun anjeun dina waktu anu sejen,” (QS. Thaha [20]: 55).

Rajakaya anu loba teu dibawa. Sabab nu dibawa mah amal soleh urang. Nu dibawa mah harta urang anu dititipkeun di jalan Alloh. Anu dibawa mah ladang sabar urang. Persis nu digero dina poe kiamah ku malaikat teh teu aya deui nyaeta jalma-jalma anu sabar. Dina ngalaksanakeun taat, sabar nyingkahan maksiat, sabar dina nandangan cocoba.

Baca Juga: TEKS KHUTBAH Idul Fitri Singkat Tentang Silaturahmi PDF 2024, Contoh Naskah Khutbah Lebaran Idul Fitri 1445 H

سَلَامٌ عَلَيْكُمْ بِمَا صَبَرْتُمْ فَنِعْمَ عُقْبَى الدَّارِ

(Malaikat nyarios,) “Salāmun ‘alaikum (mugia kaselametan dipasihkeun ka aranjeun) kusabab kasabaran aranjeun.” (Eta teh) panghade-hadena tempat balik (surga),” (QS. ar-Ra’du [13]: 24).

وَاللهُ أَكْبَرُ، اللهُ أَكْبَرُ وَلِلّٰهِ الْحَمْد

Hadirin, jamaah id sadayana

Kaopat, puasa teh mere palajaran keur urang supaya mikanyaah kaum papa jeung duafa. Salila puasa urang nahan lapar, diajar ngarasakeun kumaha laparna jalma-jalma anu teu mampu. Matak di akhir Romadon, urang diwajibkeun ngaluarkeun zakat fitrah, infak, sareng sodakoh, di antarana keur nunjukkeun kanyaah jeung kapedualian urang ka maranehna. Bayangkeun lamun urang hirup serba kakurangan. Rek pisakumahaeun ngagerikna ati. Matak urang ulah kajongjonan. Ngeunah dewek hanteu lian. Kudu bisa ngaragap diri batur ku rasa urang. Sahingga urang teu wani koret ka batur, sabab urang oge embung dikoretan batur. Urang teu wani ngahina batur sabab urang ge embung dihina batur, jeung sajabana.

Baca Juga: 12 TEMA Bukber Ramadhan 2024 Keren, Cocok Untuk Tema Buka Bersama dengan Teman Sekelas Ramadhan 1445 H

Anu leuwih penting ti eta, zakat teh keur meresihan diri urang tina rereged jeung kokotor batin anu teu katingal ku mata dohir. Sakaligus panamal tina perkara-perkara anu ngaruksak kasampurnaan puasa urang. Oge emut kana hak harta urang, yen anu halalna hisabeun, anu haramna siksaeun. Geus jelas jeung pasti kabeh nu diamanatkeun ka urang bakal dipertanggung-jawabkeun ku urang di payuneun Alloh.

Emut riwayat Nabi Sulaeman nabi anu pang beungharna. Di akherat, anjeuna lebet ka surgana 500 taun leuwih lambat tibatan Nabi Isa anu pang miskinna. Alesannana, Nabi Sulaeman kudu mayunan hisab sakabeh hartana. Cacak-cacak Nabi Sulaeman kabeh hartana dianggo taat, kantenan lamun urang gaduh harta teu dianggo taat. Matak hayu, sanes dina Romadon wae, urang ngaluarkeun hak harta urang sakaligus meresihan diri urang.

Hadirin, tah eta diantawisna pelajaran puasa keur urang sadayana. Insya Alloh, masih seueur keneh pelajaran anu sanesna, keur renungkeuneun jeung maknaaneun urang. Sakali deui kade urang urang leupas kitu wae ninggalkeun Romadon. Kedah aya tapakna urang salami digemleng ku rupi atikan jeung didikan Romadon.

Baca Juga: 17 IDE Tema Bukber Ramadhan 2024 Menarik, Cocok untuk Buka Bersama di Sekolah, Kantor dan Keluarga

Mudah-mudahan urang sing kalebet jalmi unu uih kana fitrah anu hartina bersih jeung dihampura dosa. Minal aidin wal faizin. Mugia urang sing dijantenkeun jalmi anu uih kana kasucian sareng meunangkeun kauntungan. Mugi amal ibadah Romadon urang ditampi ku Nu Maha Kawasa. Mugi doa urang diijabah ku Mantenna. Amin amin ya arhamar rohimin. Amin amin ya mujibas sa’ilin.

جَعَلَناَ الله ُوَإِياَّكُمْ مِنَ العاَئِدِيْنَ وَالفَآئِزِيْنَ وَأَدْخَلَناَ وَاِيَّاكُمْ فِيْ زُمْرَةِ عِباَدِهِ المُتَّقِيْنَ. بَارَكَ الله ُلِيْ وَلَكُمْ فِيْ القُرْآنِ العَظِيْمِ وَنَفَعَنيِ وَاِيّاَكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ. وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ خَيْرُ الرَّاحِمِيْنَ

KHUTBAH KEDUA

اللهُ أَكْبَرُ (×٣) اللهُ أَكْبَرُ (×٣) اللهُ أَكْبَرُ وَ لِلّٰهِ اْلحَمْدُ

اَلْحَمْدُ ِللّٰهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لاَإِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. فَيَاعِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ

قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِيْ كِتَابِهِ اْلعَظِيْمِ "إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِيِّ, يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ أَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا". اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ اَلِهِ وَأًصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِ التَّابِعِيْنَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلىَ يَوْمِ الدِّيْنِ. وَعَلَيْنَا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِماَتِ, وَاْلمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ, اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ يَا قَاضِيَ اْلحَاجَاتِ. رَبَّنَا افْتَحْ بَيْنَنَا وَبَيْنَ قَوْمِنَا بِاْلحَقِّ وَأَنْتَ خَيْرُ اْلفَاتِحِيْنَ. رَبَّنَا أَتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

عِبَادَ اللهِ إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهىَ عَنِ اْلفَحْشَاءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوْا اللهَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

Demikian terkait teks khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda singkat padat jelas terbaru 2024.***

Editor: Azkaa Najmuts Tsaqib

Tags

Terkini

Terpopuler