BARU! Kumpulan Contoh Biantara Bahasa Sunda Singkat, Contoh Teks Pidato dan Ceramah Berbahasa Sunda Lengkap

25 Juli 2022, 15:59 WIB
Contoh teks biantara Bahasa Sunda. /Ilustrasi: Unsplash/Kenny Eliason/Unsplash/Kenny Eliason

Portal Kudus - Apakah kamu sedang mencari inspirasi contoh biantara Bahasa Sunda?

Simak artikel ini selengkapnya, karena akan disajikan kumpulan contoh biantara contoh teks biantara Bahasa Sunda. 

Membuat teks pidato, ceramat, atau biantara Bahasa Sunda tentu butuh pemahaman yang baik tentang Bahasa Sunda. 

Baca Juga: ARTI Munding dalam Bahasa Sunda, Simak Apa Artinya Kata 'Munding', Maksdunya Ternyata Adalah Hewan Ini

Oleh karena itu, penting untuk benar benar mempelajari Bahasa Sunda terlebih dahulu sebelum membuat teks biantara Bahasa Sunda. 

Sebagai bahan referensi dan inspirasi, di bawah ini akan disajikan kumpulan contoh teks biantara Bahasa Sunda. 

Adapun contoh teks biantara Bahasa Sunda yang disajikan di bawah ini mencakup pidato berbagai tema.

Baca Juga: Teks Pidato Kemerdekaan untuk Anak SD, SMP, Terbaik Penuh Inspirasi Sambut HUT RI ke 76 saat 17 Agustus 2021

Mulai dari pidato atau biantara Bahasa Sunda tema kemerdekaan, tema keagamaan, hingga tema pendidikan.

Berikut ini kumpulan contoh biantara Bahasa Sunda, dihimpun dari berbagai sumber:

1. Contoh Teks biantara Bahasa Sunda tema Kemerdekaan

Assaalamualaikum Wr.Wb

Sateuacana, hayu urang panjatkeu puji sareng syukur ka Gusti Allah SWT. Anu tos maparinkeun rahmat-Na ka urang sadaya, dugi urang tiasa kempel di acara dinten ieu.

Hadirin anu dipikahormat ku simkuring, Bapak Kapala Sakola, Bapak/Ibu guru anu dipikahormat, sareng rerencangan simkuring anu dipikacinta. Dinten ieu alhamdulilah urang tiasa kempel sareng patepang raray dina urutan meriahkeun hari kamerdekaan Indonesia.

Urang periyogi ka uninga, yen di zaman baheula the seueur pisan pangorbanan para pejuang dina ngabelaan kamerdekaan nagara Indonesia. Matak ku kituna, urang salaku warga nagara Indonesia generasi penerus bangsa, sareng kedah neruskeun perjuangan para pahlawan urang.

Carana nyaeta diajar sing giat jeung ngawujudkeun cita-cita urang pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa Indonesia.

Tepi sabenerna, seuer keneh hal-hal anu tiasa dilakukeun ku urang sadaya sebagei generasi muda dina rangka ngeusian kamerdekaan Indonesia. Contona ngajauhkeun diri urang tina pangaruh narkoba, jauhkeun diri urang tina pergaulan bebas, tawuran anu ngabahayakeun nyawa, jeung sajabana anu mawa pangaruh buruk jang diri urang.

Hayu urang sami-sami ngalakukeun hal positive atau aya mangpaatna jang diri urang, misalna nyieun prestasi di sakola, seueur maca buku nu berguna, diajar sing bener di sakola, jeung sajabana.

Rupina mung sakitu pidato ti simkuring, hapunten saupami dina biantara ieu aya cariosan anu salah atawa kirang merenah dina hate aranjeun.

Wassalamualaikum Wr.Wb.

2. Teks biantara Bahasa Sunda tema Pendidikan

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Alhamdulillahilladzi an'ama'alaina bi ni'matil iman, wal islam. Asyahadualla ilaha illaloh, wasyhaduanna Muhammadarrosullulah. Allohuma sholi `ala Muhammad wa'ala ali syaidina Muhammad amma ba'du.

Kapala Sakola anu kusimkuring dipihormat, Bapa/Ibu Guru anu kusimkuring di pihormat, sareng rerencangan sadaya nu kusimkuring dipiheman.

Puji syukur urang sanggakeun kanu maha kawasa anu tos ngalimpahkeun rahmatna ka urang sadaya, alhamdulillah dina dinten ieu tiasa kempel didieu dina kaayaan sehat walafiat.

Teu hilap solawat sinareng salam mugia salamina kacurah limpahkeun kajunjungan urang sadaya nya eta Nabi Muhammad SAW, oge ka para kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman.Aamiin yaa rabbal'alamin.

Dina kasempetan ieu, sim kuring bade ngadugikeun biantara singget nu judulna "Pentingna Pendidikan". Dijaman kiwari pendidikan teh penting pisan, kuayana pendidikan, urang teh jadi bisa jeung ngarti.

Pendidikan oge jadi rencana urang ka hareupna dek jadi naon, ku meunangna elmu tina pendidikan urang tiasa gampang miboga karir atawa urang oge gampang neangan pagawean nu alus pagawean nu dipikahayang ku urang.

Kucara diajar nu junun, nu bener jeung pastina jujur urang pasti bisa jadi jalama nu sukses, miboga prestasi nu cemerlang tur bisa ngabanggakeun bangsa jeung nagara.

Nyiar elmu teh kawajiban kanggo sadaya umat muslim. Ku kituna urang kudu sumanget nyiar elmu pikeun bekel kahirupan.

Sakumaha diriwayatkeun ku Ibnu Majah:

طَلَبُ الْعِلْمِ فَرِيضَةٌ عَلَى كُلِّ مُسْلِمٍ

"Nyiar elmu teh kawajiban pikeun sadayana umat muslim," (HR. Ibnu Majah).

Jalmi nu nyiar elmu oge ku Allah SWT bakal digampilkeun jalana ka surga.

مَنْ سَلَكَ طَرِيْقًا يَلْتَمِسُ فِيْهِ عِلْمًا سَهَّلَ اللهُ بِهِ طَرِيْقًا إِلَى الْجَنَّةِ

"Saha wae nu ngalakukeun perjalanan pikeun nyiar elmu, niscaya Allah SWT bakal ngagampangkeun jalana ka surga," (HR. Muslim).

Hadirin hormateun simkuring, rupina cekap sakieu biantara anu didugikeun. Hapunten bilih aya saur teu ka ukur basa teu kareka atanapi ucap anu kirang dina larapna.

Ahirul kalam. Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

3. Contoh Teks biantara Bahasa Sunda tema keagamaan

Assalamualaikum Wr. Wb.

Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Allah SWT anu Maha Agung, dina dinten ieu teh urang sadaya tiasa ngariung sasarengan dina acara ieu.

Hadirin anu dipikahormat,

Berimana kana qada jeung qadar seueur manfaatna, di antarana tiasa nguatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah SWT.

Selain ti eta bisa oge nyadarkeun urang yen sagala perkara atawa kajadian nu aya di bumi ieu teh, tos diatur ku Allah SWT. Matak ayana qada jeung qadar ieu teh bisa numbuhkeun kateguhan hate sareng kasabaran urang, salila urang hirup di dunia.

Masalah atawa rintangan naon wae anu aya di hirup urang teh, ngarupakeun katetepan ti Allah SWT. Jadi urang teh kudu tawakal, da sagala rupina ge tos aya izin ti Allah SWT.

Urang sadaya moal tiasa ngahindar ti katetapan Allah SWT, deuk nu hade deuk nu goreng. Sadayana tos diatur ku Maha Kawasa.

Iman kana qada jeung qadar ieu oge bisa numbuhkeun kanikmatan ti Allah SWT, sareng ngadorong urang bersyukur ka Allah SWT salawasna.

Sakieu heula pidato ti abdi, upami aya cariosan anu merenah di hate abdi nyuhunkeun dihapunten.

Waalaikum salam Wr.Wb.

Demikian kumpulan contoh biantara contoh biantara Bahasa Sunda.*** 

Editor: Al Mahfud

Sumber: Berbagai sumber

Tags

Terkini

Terpopuler